Tirisna isuk ngaraksuk kana tulang rusuk. Panon poe nu moncorot oge angin ngahiliwir sanada jeung lengkah suku riza, feby, rista jeung para siswa nu lainna nu rek mangkat ka sakola. disapanjang jalan, maranehna ngalobrol. Obrolanna ngabahan guru fisika nu aya di sakola maranehna nu tara masuk, tara ngajar jeung sok telat lamun ka sakola.
"Feb, naha nya ari bapak fisika jarang malah nepi ka tara masuk?" Rista nanya.
"Ah mereun bapa fisika mah sibuk, maksudna teh sibuk ngabantuan pamajikanna ngerjakeun pagawean imah jiga nyeuseuh, sasapu, kukumbahan jeung nu sejenna." Temal feby.
"Ah manehmah, feb, soj kitu ka guru teh. Sanajan kitu ge bapa fisika teh guru favorit arurang pan? Bapa fisika mah tara mere beban soal ka arurang teh. Ngeunah pan? " saur riza.
"Heeh sih, bener maneh za." Ceuk feby.
Obrolan manehna terus Dilanjengkeun disapanjang jalan ka sakola, teu karasa maraneh na geus nepi di sakola. Teu lila ti eta, bel masuk oge kadenge. Riza, feby, rista jeung siswa nu lainna abus ka kelas. Maraneh na langsung ngadoa samemeh diajar terus nyaipkeun buku palajaran jam kahiji nyaeta palajaran fisika. Saenggeus nyiapkeun buku palajaran, maranehna lain diajar, tapi malah ngareleg. Maraneh na geus nebak guru fisika mah moal masuk ka kelas. Tapi, pas riza, feby, rista jeung murid nu lainna ngareleg, ujug ujug aya bapak fisika datang ka kelas, maranehna ge rareuwas terus dariuk di bangku masinh masing.
"Assalamualaikum, poe ayeuna urang ulangan nya." Ceuk bapa fisika.
" haah, can siap ulangan, pa." Ceuk para siswa.
"Ah nya kudu siap atuh. Sok ayeuna siapkeun kertas salembar terus simpen buku fisika na kana tas." Saur bapa fisika.
"Enya, pa." Temal para siswa.
Ulangan fisika oge dimimitian. Riza, feby, rista jeung siswa nu lainna usaha ngeusian soal ulangan eta. Tapi da kumaha, kusabab guru fisika eta tara abus, materi oge jadi terbengkalai, nya alhasil, para siswa ngeusian soal ulangan oge sabisana. Sa jam geus dilewatan ku kagiatan ulangan. Kagiatan ulangan ge geus beres. Riza, feby, rista jeung siswa nu lainna ngumpulkeun jawaban ulangan masing masing di meja guru. Para siswa oge dihegaekeun istirahat. Pas istirahat, riza, feby jeung rista ge ngarobrol.
"Ah aingah, gara-gara bapa fisika tara masuk ngajar, jadi weh arurang teu bisa ngeusian soal ulangan bieu" ceuk riza.
"Heeh bener, ih. naon coba guru teh teu sadar, manehna tara asup, tara mere materi, tara ngajar, der ujug ujug ngatakeun ulangan. Pan gelo." Ceuk feby.
"Ah, ongkoh ceuk maraneh bapa fisika teh guru favorit, naha der jadi nyaralahkeun bapa fisika. Pan lain kahayang maraneh bapa tara masuk teh?" Rista nanya.
" heeh sih, ayeuna mah urang ka bapa we yu ka kantor, urang tanyakeun naha bapa tara masuk ngajar? Pan arurang jadi teu meunang materi jeung ulangan." Ceuk riza.
"Hayu-hayu." Ceuk feby jeung rista.
Maranehna langsung leumpang arindit ka kantor, pas nepi di kantor, riza, feby jeung rista papanggih jeung guru bahasa indonesia, riza ge nanya ka guru bahasa indonesia eta.
"Pa, ari bapa fisika aya teu?" Riza nanya.
"Aya, naha bade naon kitu, za?" Temal guru bahasa indonesia.
"Ieu, abdi, feby jeung rista bade aya kaperluan" ceuk riza.
"Oh, kitu. Sok we ka lebet." Ceuk guru bahasa indonesia.
"Muhun, nuhun nya, pak."ceuk riza.
"Sami-sami." Ceuk guru bahasa indonesia.
Bapa fisika ge bener aya di kantor, maranehna masuk ka kantor terus langsung nyanya ka bapa fisika.
"Pa, punten yeuh, abdi, feby, jeung rista hoyon naros ka bapa, hegae teu pa?." Riza nanya.
"Oh, sok, mangga. Naha bade naros naon, za?" Temal bapa fisika.
"Pa, naha bapa tara masuk ngajar? Gara-gara bapa tara masuk, arurang jadi teu meunang materi, jadi weh teu aya apalkeuneun jeung ulangan." Riza nanya.
"Ah, teu nanaon atuh bapa tara masuk mah." Ceuk bapa fisika.
"Sanes moal kukumaha kitu, arurang ge bungah bapa tara masuk ka kelas, tapi pan lamun nilai ulangan goreng mah ke ge nilai rapot jadi goreng mereun, pak." Ceuk feby.
"Ah da steh nilai mah teu penting, nu penting mah pangalaman. Bapa tara masuk teh meh mere kabebasan kamaraneh jeung neangan pangalaman di sakola. Pangalaman kabur, bolos, jeung nu lainna. Etateh pangalaman paling berharga di sakola teh." ceuk bapa fisika.
"bener oge, tapi ke kumaha nilai rapot?" Riza nanya.
"ah tong mikiran nilai rapot, nilai mah kumaha engke. Kieu nya, bapa tara masuk teh lantaran bapa ngalakukeun hubungan mutualisme atawa hubungan salinng nguntungkeun atara guru jeung murid. Bapa untung tara ngajar maraneh tapi tetep meunang gaji, maraneh untung teu mikiran pelajaran da bapa tara masuk." ceuk Bapa Guru.
"oh kitu, Pa. muhun atuh ari kitu mah hatr nuhun nya tos ngaluangkeun waktosna jeung ngajawab partanyaan ti abdi, Feby jeung Rista." ceuk Riza.
"Enya, sami-sami." Temal Bapa Guru."
Riza, Feby jeung Rista sasalaman jeung Bapa Guru fisika terus maraneh na kaluar ti jero kantor rek baralik deui ka kelas. akhirna, Riza, Feby jeung Rista tetep ngaggap Bapa Guru fisika jadi guru favorit keur maranehannana.